9/12/2008

MUNGGAHAN

"Kamana Mang meni geus saged kitu ?"
"Puguh Lo..Amang teh aya nu ngajakan munggahan, kapanan isukan rek puasa"
"Aeh enya Mang, waktu teh asa nyerelek teu karasa..jol-jol tepung deui jeung bulan Ramadhan."
"Tah eta salahsahijina yen Alo teh betah teuing didunya."

"Heueuh..eta Alo geus poho kana waktu, batur mah didago-dago bulan puasa teh, ieu mah kalahka poho."
"He.he.he....lain kitu Mang, ngan enya we asa tereh panggih deui jeung bulan puasa, kahayang mah bulan puasa teh unggal bulan Mang."
"Ahh...sok aya-aya wae Alo mah, anu tahun kamari oge can dikodoan lain ?"
"he.he.he...muhun Mang sok kapopohokeun puguh oge."
"Naha atuh meni nangtang hayang puasa sataun jeput sagala ?"
"Kapanan ari puasana unggal bulan mah, meureunan nampa THR oge unggal bulan Mang."
"Har....Alo mah boga pikiran teh kana dudunya wae, kudu saimbang atuh Lo hirup mah."
"Muhun nya Mang kudu saimbang, mun nanggung suluh mah kenca katuhu kudu sarua beuratna nya Mang."


"Nya samodel kitu lah... Aeh geuningan aya Ceu Erum..bade kamana Ceu?

"Assalamu'alaikum, Mang Utas..... Assalamu'alaikum, Jang Alo... Hapunten nya Eceu sok loba heureuy komo ka Jang Alo Eceu sok loba nitah..hampura nya Jang Alo." tembal Ceu Erum bari ngasongkeun dua panangana ngajak sasalaman ka Mang Utas jeung Jang Alo.

"Wa'.... alaikumsallam." tembal mang Utas jeung Jang Alo meh bareng, bari semu hemeng, ningali polah ceu Erum anu tara tisasari.

"Yeuh Mang Utas..Jang Alo..Eceu teh puguh asa kabentar gelap tengah poe ereng-erengan geura." tembal Ceu Erum deui bari luway-lewey nyariosna nembongkeun lipensetipna anu ambucuy beureum.
"Ari kitu Kunaon Ceu..?" tanya Mang Utas
"Puguh Mang kuring teh aya nu ngajak botram, pedah enjing rek munggahan." tembal ceu Erum
"Halah..paling oge diajak botram ku si Riweuh...!" celengkeung Jang Alo, bari ngajebian
"Enya ah..Ceu Erum mah..sugan teh naon, pedah asa dibentar gelap tengah poe sagala." sambung Mang Utas.

"Ihhhh...sanes atuh Jang Alo, piraku diajak ku Kang Riweuh asa kabentar gelap tengah poes sagala..ieu mah anu ngulemna oge pupuhu lembur Mang !" tembal ceu Erum
"Hmmm...ngarahul teh asa kabina-bina teuing Ceu Erum mah." tembal mang Utas bari rada ngabalieur
"Enya ceu Erum mah..jiga tim sukses wae hayang diajak botram ku pupuhu anyar."

"Har..meni teu percaya ka Eceu teh..abong-abong Eceu teu ditiung..!"
"Matakna ceu ditiung geura meungpeung rek Puasa, kapanan artis oge anu tadina dibuligir sirah ari bulan puasa mah ngadadak ditariung." tembal mang Utas
"Halah Mang...teu ngajamin ditiung bisa dipercaya batur, puguh rek botram jeung si Riweuh hayoh kalahka ngaku-ngaku diulem botram ku pupuhu lembur....basi Mang...!"

"Ke..ke.ke....naha Jang Alo jadi sewot kitu? aya naon ieu teh Lo..?" tanya mang Utas bangun nu teu ngarti
"Timburu nya..ka Kang Riweuh..?" sambung ceu Erum bari ngadilak ka Jang Alo
"Teuuuuuu...kuring mah teu Timburu ka sasaha....ngan aneh we kuring mah, geus ah..kuring oge rek botram jeung Gubernur..hampura nya Mang, Ceu... ." tembal si Alo bari tuluy ngaleos indit.

"Astagfirullah al'adzim...eta si Alo aya kituna...hmmm hampuraeun si Alo mah Ceu." gerendeng Mang Utas bari gogodeg.
"Muhun Mang ku kuring oge tos dihampura, kuring oge hampura atuh bilih aya kalepatan salami ieu." tembal Ceu Erum.

"Enya ceu.kukuring dihampura, pon kitu deui kuring oge sarua menta dihampura, urang teh mapag bulan suci teh kudu ku hate bersih, ngarah bersih hasilna tur meunang pangridho ti Gusti anu Maha Suci."

"Tah ayeuna mah sakalian we kanggo anu sok rajeun macaan paguneman Mang Utas, amang saparakanca bade meredih kaasih, tur menta dihampura kasadayana boh bilih baraya sadaya aya anu kabadug kalbu atawa katoel hate ku tulisan-tulisan Mang Utas saparakanca, sakali deui Mang Utas saparakanca nuhunkeun dihapunten...Marhaban Ya Ramadhan...wilujeng saum."Uluh..eta si Mang Utas mani tos ginding, bade ka ondangan, Mang?"
"Husss...!! Lain, Lo. Amang teh rek dines, puguhan."
"Halah Amang mah aya-aya wae, piraku rek ka sawah mamake batik sagala."
"Puguhan Lo, sabenerna mah Amang teh rek ka kantor pulisi."
"Baruk, rek ka kantor pulisi? Ari kitu saha Mang anu unggah balewatangan?"
"Har, ari Alo... Lain aya anu unggah balewatangan atuh, tapi Amang teh rek nyieun SIM."
"Ohhh... Kkutan rek ngadamel SIM, Naha atuh mani ngangge batik sagala?"
"Kapanan ngarah gaya potona."
"Muhun nya, ngarah jiga Pa Andi Malaranggeng."
"Ah... Amang mah embung ari jiga Pa Andi mah."

"Har... Kapanan pajabat Pa Andi teh?"
"Lah, Amang mah moal muluk-muluk, Lo... Amang mah make baju batik soteh pedah keur diajar mikacinta kana produk nagara sorangan."
"Tah leres Mang, kudu dimumule, dipikaresep tur dipake ku urang sorangan, ngarah teu dibandang ku nagara deungeun."
"Sisinarieun geuningan poe ieu Alo cerah otakna."
"Saha heula atuh Mang... Alooo..!!!"

"Geus ah, Lo... Amang bisi kabeurangan, rek nyieun SIM."
"Muhun atuh mang, kuring oge bade ka Pasar Cikurubuk."
"Enya atuh, Lo. Kahade di jalanna tong nyopet! Hehehe..."
"Moal atuh Mang, barina oge geus tobat kuring teh."
"Enya alus Lo..karunya copet sejen bisi teu kabagean."
"Hehehehe... Amang mah sok kitu."

Pondok carita Mang Utas geus nepi ka kantor pulisi.

"Selamat siang Pa.. Bisa saya bantu?"
"Wilujeng siang... Kumaha Bapa daramang?"
"Sae, sae... Bade aya kaperyogian naon, Pa?"
"Manawi ieu teh, Pa. Bapa teh bade ngadamel SIM."
"SIM naon, Pa?"
"Eta SIM paragi nganggo Si Kukut."
"Saha kitu si kukut teh?"
"Itu motor abdi anu butut."
"Oh maksad teh SIM C panginten, nya?"
"Tah muhun, kedah kamana ieu teh?"

"Sok Pa ku abdi dibantos, bade jalan tol atanapi anu biasa?"
"Kela..Pa..Bapa teh bingung da Bapa mah sanes bade ka Bandung, tapi bade ngadamel SIM."
"Maksadna teh kieu Pa, upami hoyong enggal tiasa dibantos ku abdi, bapa mah calik we."
"Oh..kitu? sabaraha waragadna Pa?"
"Ah...biasa we Pa, tambihan we kanggo meser roko."
"Muhun atuh sabaraha?"
"Ke sabaraha atuh nya, dua ratus salawe Pa."
"Kieu we atuh Pa, kaleresan Bapa nyandak roko aya 6 batang deui mah, tah potong we ku roko kumaha tah, jadi jumlah-jamlehna sabaraha?"
"Hahahaha... Si Bapa mah, aya-aya wae... Tos sakitu Pa tos mirah, daripada Bapa uncag-incig. Jabi kedah dites sagala, mending upami lulus."
"Muhun sok atuh, ari aturana kedah kitu mah, bapa ngiringan."
"Tah kitu, Pa. Ngarah enggal beres."

Teu sabaraha lila, Mang Utas geus beres nyieun Sim C, tuluy we anjeuna mulang ka lemburna.Uing katelah Si Pelung, unggal janari leutik sok pangtarikna kongkorongok, ceuk batur sora uing halimpu tur melengkung lir kuwung kuwung, atuh puguh we loba hayam bikang nu kapengpeong, malahan ku dunungan mah sora uing teh dikomersilkeun direkam dijieun ringtone polyphonic.

Poe ieu, teu tisasarina panto gerbang paranje can dibuka wae, padahal biasana mun geus mumuluk huut ngebul, panto teh sok digeblangkeun, sanajan can wareg nyapluk huut, uing sok tuturubun turun, lugay neangan bintiheun atawa nyalingker dipipir paranje nohonan jangji jeung hayam bikang nu keur sumedeng tumumpeng.

"Kok hari ini beda, ada apa yah gerangan..?"

Ditengeng na sela sela paranje dunungan tiisuk meluk geus cakah cikih, didapur sora katel trongtrang paadu jeung cungkir, patembalan jeung dulugdugna sora bedug ditajug. Leng pikiran balik deui kamangsa katukang, mangsa uing keur bulu kumuut keneh, baheula ge kawas kieu, dunungan cakah cikih, sagala dibeuli, gurame dibalong diheurap, ingon ingon diparencit, tiditu tidieu sing pelengseng seungit bakakak atawa seungit sate,ngabageakeun poe munggaran anu ilahar disebut munggah tea.

Sereset hate nyereset, dipipir kadenge dunungan keur ngagongsrang ngasah bedog. Boa boa. Enya boa boa kawas baheula, poean munggah pisan bapa uing oge dikeureum, disampakeun bedog seukeut terus dieksekusi, mangsa janari leutik geus ngajirim jadi opor, hidangan saur munggaran. Mun tea mah nasib uing kawas kitu, dunungan teh jelas teu lebareun kana sora uing nu melengkung handaruan, geus pohoeun yen nu ngabalukarkeun lembur haneuteun teh apan ku getenna uing kurungak korongok saban janari. Meni tega, abong ayeuna mah geus jaman canggih, kongkorongok hayam geus teu dijadikeun patokan, da kaelehkeun ku alarm hape atawa ka silihkeun ku sora beker, pikeun ngahudangkeun mangsa geus manjing saur.

Najan kitu, dina enyana uing jadi digeresel dipeuncit kuriling, uing rido, da meureun geus titis tulis ti azali, hayam mah lebokeun manusa. Keun we ah, meungpeung uing keur lintuh, keur ngeungeunahna diopor sumawona dibabakak terus dicocobek, mugia we dunungan saurna sing bedas, nambah dua jungkelan, ambeh dina ngayonan puasa, sing jagjag belejag parat nepi ka magrib.

Marhaban ya Ramadhan, Wilujeng Sasih Siam ka sadayana!

2 comments:

  1. Psst hari ini ada sesi tanya jawab pengelolaan THR loh di http://astro-oasis.com pk. 15.00 - 16.00 WIB bersama Bp. M. Syafii Antonio.

    ReplyDelete
  2. Ngiring Ngalangkung ah... :)

    Mang Utas

    ReplyDelete

Buku Tamu

Search This Blog

Followers