10/10/2008

Kéom Sakedap ka-2

Baraya sunda saalam sunda, yayasan Perceka parantos medalkeun deui buku Keom Sakedap-2, anu dipasihan judul "Sura Seuri Siga Surili". Eusina dijamin full cakakak, full keom sareng full ampulan. Aya keom kuliner, aya jurus jetu ngubaran burut, aya super nini jrrd. Pas pisan kanggo ngabuburit, cobian geura bakating ku pogot maca keom, terang terang tos saur, buka mah kalangkung.

Etang etang ngagentos ongkos nyitak hargana mung Rp.20.000,- ditambih Rp.5000,- kanggo ongkos kirim husus wilayah jabodetabek, jabar sareng banten. Kahoyong mah tina hasil penjualan ieu wang golangkeun deui kanggo medalkeun deui buku sanesna. Sugan we atuh MJ sakedap deui ngadamel Novel Sunda nu rada ceuleupeunx, atawa ua Sas ngalalakon jadi RT jaman milenium,oge lalampahan si jay anu sok ngalilieur batur, atawa novel teh Roro anu funs abis, kitu deui kebo hideung ngacaprak da cenah bongan sok dipake lambang partey, Analisa jetu kang irpan : Nyandung jeung Tukang Udud, atawa analisa jetu kang Tantan anu remen dimuat dikoran, edun pami disundakeun, nu gaduh murangkalih calakan sareng tiasa nyerat sapertos putrina kang Tirta tiasa didamel versi sundana, Harewos ti Nonggerak, atawa parodi kahirupan "bojong kenyot under cover" ti sikuring, sugan, atawa ti baraya sanesna, anu masih nyarempod.

Ku kituna mangga geura ngabarorong, da seler sejen mah lahubiheung, geuning batur mah dilingkar pena, dugikeun ka kenging award, bermetaformosa cenah, ti penulis pemula, dugikeun ka medalkeun buku anu seueur tur produktip.YP ge atuh piraku. Modalna teu pira, tiap anggota ngadaramel buku, dipasarkeun ka komunitasna, piraku kusnet teu bisa? he he.

Meumpeung haneut keneh, da tos gaaleun mah kirang pelem (ulen x), nu bade mangga we japri ka payoez @ gmail.com atawa payoez @ yahoo.com.au kanggo ipekahna ke ngalangkungan bca/mandiri kcp sumedang saparantos bukuna dugi, bade dibayar tipayun oge teu langkung. Kanggo nu nyaba tebih pan tiasa dikintun kalembur meh lebaran teh aya teangeun..he he..sok ah diantos!

No comments:

Post a Comment

Buku Tamu

Search This Blog

Followers